Selamat Datang
di studio hiji-hiji na di Pasirgadung, sebentar lagi anda akan menyaksikan
Drama is Back !!! yang akan menampilkan kembali cerita cinta Surti yang
berkembang kempis kembali. Seperti apa kelanjutan cerita cinta Surti yang
ditinggalkan Tejo setelah 7 tahun lamanya ? Apakah Tejo akan kembali dengan
sebutan bang toyib? Saha nu nyaho !
Selamat Menyaksikan !
SCENE 1
di Halaman
Rumah Surti
(Musik Sunda)
Dina hiji poe, aya kembang bangke nu ngarana Surti tea, anjeuna
keur anteung joged bari nyanyi dangdut sabari moe-moe keun seseuhan di buruan.
Ambu : Surti ! hayu urang emam hela bageur, geulis
menak jingo !
Abah : Surti Weuya !
Ambu : Surti !
Surti : oh muhun Ambu (sabari ngajorowok), Surti
nuju tanggung !
Surti terus anteung joged bari ngageol. Teu lila tidinya Tejo
datang.
Tejo : Eneng Surti !
Surti : Aa Tejo !
(Musik
Pertemuan)
Tejo ngagabrug Surti anu olohok teu percaya Tejo balik deui ka
kampung. Tejo nangkeup Surti pageuh bari ceurik bakat ku rindu ka Surti. Tapi
Surti ngaleupaskeun tangkeupan Tejo bari ambeuk ka Tejo nu geus ninggalkeun
Surti, ngagantungkeun hubunganana.
Tejo : Surti, aa teh kangen ka Surti.
Surti : Aa teh naha balik deui ka dieu ! neng teh
tos kecewa ka aa. Lagian neng ge tos te cinta deui ka Aa. Tos ayeuna mah Aa
tong kadieu-kadieu deui !
Tejo : neng dengerin dulu aa. Aa ka kota teh
neangan damel kanggo modal nikah kanggo neng engke. Aa damel kanggo neng. Neng
maafkeun aa neng.
Surti : Naha atuh aa teh teu masihan kabar ka
neng! Mun aa bener nyaah ka neng kudu na Aa nelpon kadieu. Dunia teh tos
canggih a ! tos ayeuna mah neng sebel ninggal aa. Pergi kaditu ! nyingkah !
awas
Surti ninggalkeun Tejo sabari ceurik balilahan. Sedengken Tejo
olohok kecewa kusabab Surti ges embung papanggih deui jeung anjeuna. Tejo Sedih
kurucud cai mata sabari leumpang kumalayang sabari bigung.
(Musik Sedih)
Monolog.
Tejo : naha bet kieu ? si neng teh ges te percaya
deui ka aa. Kudu na si eneng teh bahagia ninggal aa datang. Komo balik ti kota
mah aa geus ganteung kieu ayeuna mah, si eneng kuduna leuwih cinta ka aa.
SCENE 2
di Warung Oneng
(Musik Sunda)
di warung oneng Tejo papanggih jeung Deker sarta Hurdil keur maen
remi sabari ngopi cacalakatan seuri.
Deker : yeuh dil, lamun neangan jodoh teh kudu bener
dil ! tinggali aing yeuh, Deker alias dede keren. Si rina, anjeuna anak ustad
matak urang ka sohor jadi minantu ustad. Nya sugan oge we urang teh jadi jelema
bener.
Hurdil : heeuh ker, cing saha atuh nu embung ka anak
ustad mah. Lain ku teu hayang, da saha nu daek ka urang Hurdil alias Hurik tur
dekil kieu. Mun aya nu mika cinta ge geus syukur urang mah ker, rek di kawin
ayeuna keneh!
Oneng : siga nu he’euh wae maraneh mah. Samemeh
ngomong bener, benerkeun heula kalakuan jeung kahirupan. Lain mah garawe
kaditu, teang heula modal kawin jang engke!
Deker jeung Hurdil eren
baceo, torjol Tejo datang ngilu nimbrung di warung oneng nu keur rame.
Oneng : eh itu teh si Tejo !
Hurdik: Tejo?
Deker : Mana ?
Oneng : Eleuh-eleuh maneh teh Tejo? meni pangling
kieu! Sugan teh artis boyband datang kadieu!
Tejo : Urang ngaganteungan nya ! Tejo atuh. Eh
tapi urang teh ker sedih. Si eneng Surti ges embung papanggih deui jeung Tejo,
padahal Tejo teh geus ganteung kieu.
Hurdik:
eleuh ku naon ath nya ?
Deker : naha maneh teh balik deui geuning. Nu
dikampung teh mikir na maneh moal balik-balik deui Tejo. Tah meren si Surti ge
kecewa atuh.
Oneng : maraneh can apal? Si Surti teh geus
kapiheulaan ditanyaan ku orang kota, saha teh ngarana teh poho duh.
Tejo olohok reuwas bakat ku teu percaya si Surti geus aya nu boga.
Tidinya Tejo tambah galau jeung risau mikiran Surti.
Tejo : Saha neng ?
Oneng : kela, kela. Alus poko na mah, boh tina
ngarana jeung sagalana ge alus jo, pikeun kabeh gadis nu aya dikampung teh
mumuji jeung iri ka Surti anu dipilih na.
Tejo : oh kitu? Cing penasaran lalaki nu mana nu
wani ngarebut si eneng Surti ti urang!
Oneng : oh enya, si Brandon ngarana teh!
Tejo : saha, Brandon? Naon ngaran teh siga badut
kitu lah.
SCENE
3
Di
Rumah Surti
Di imah, Surti keur ngagalau ceurik sabari gugulingan dilemma
bingung naha si Tejo bet bisa datang deui kana kahirupan Surti! Sedengkeun
Surti geus ka pincut oge dilamar ku Brandon orang kota.
Surti : (Ceurik) eeeeeuhh hmmmmmm
oaaaaa oaaaaah
(Musik
Sedih Peterpan-Semua tentang kita)
(Musik
Sunda)
Brandon : Assalamu’alaikum!
Ambu : Walaikum Salam, saha ? (Mukakeun
panto, Sabari luak lieuk) eh Brandon.
Brandon : (Salam 7 kali ka Ambu) Ambu mana atuh
si eneng?
Ambu : oh hehe aya jang, kek nya. Surti
! (ngageroan sabari nyamperkeun Surti)
Surti! Itu aya si jalu brandon, kaditu
karunya ngantosan.
Surti : si aa ambu ! (ceurik na repeh)
Ambu : enya, kaditu geura panggihan!
Surti : eh aa ! (sabari rek
nyampeurkeun Brandon rek sun tangan, kaburu dipegat
Ku Ambu) eh Ambu, ieu mah bagian Surti atuh
mbu!
Ambu : Eh enya hilap. Hehe (sabari ka
dapur)
Surti : mangga atuh aa calik!
Brandon : muhun neng.
Tidinya Surti jeung Brandon
keur paduduan ngobrol akrab pikeun romantis, teu barang lila torojol Tejo
datang ka imah Surti ninggal Surti anu keur bahagia na ngobrol jeung lalaki
lain.
Tejo : Neng Surti !
Surti : Aa Tejo, rek naon aa kadieu !
(Brandon kaget)
Tejo : neng saha eta !
Brandon : kenalkeun urang Brandon anak na pak
oos bandar lele!
Tejo : kenalkeun urang Tejo bandar
buyur!
Surti : eh atos atuh! Neng pusing!
Aduh aduh (Surti asa diparebutkeun)
Brandon : saha maneh? Neng saha eta teh! (sabari
narik surti)
Surti : aa eta teh kabogoh eneng nu
baheula!
Tejo : oh jadi kitu neng ayeuna mah,
geus aya nu anyar nu lila dibuang! Geus aa
Ge kecewa ari kieu mah! (Tejo sabari
ngabalieur balik)
Surti :
aa Tejo kupingkeun heula eneng aa!
Brandon : (Brandon ambeuk) neng, saha nu bieu!
Poko na aa menta penjelasan!
Saha lalaki nu bieu teh!
Surti : tadikan eneng tos
ngajelaskeun, eta teh kabogoh baheula eneng aa!
Sudah! Lagian da urut eta mah aa! Kan Aa nu
baru mah!
Brandon : Bener neng?
Surti : enya aa leres, aa number one
dina hate eneng!
(Musik
Tum Hi Ho)
Brandon : tos, poko na Aa mah percaya ka eneng
moal ngecewakeun aa. Neng janji nya
Aa! Tos atuh aa pamit heula nya uih, sim amah
bilih milarian.
Surti : enya neng janji ka aa!
Hati-hati di jalan a! bilih aya nu gelo kawin we ! eh..
Brandon : bye-bye eneng ! (Kiss bye)
SCENE
4
Di
Warung Oneng
(Musik
Sunda)
Tejo ngehuleung kumalayang leumpang ka warung Oneng, tidinya Tejo
curhat ka mamah dedeh (mamah curhat dong, eh salah nya!?) maaf pemirsah!
Tidinya Tejo Curhat ka Oneng nu jadi babaturan Tejo ti keur leutik na.
Oneng : eleuh-eleuh ku naon ari Tejo
malaweung kitu! Bakat hayang dibere duit jo!
Tejo : biasa neng, ti Kamari Tejo
galau mikiran Surti naha si eneng teh bet bisa
Ngecewakeun Tejo.
Oneng : meureun, si Surti ge kecewa ka
Tejo bisa-bisa na ninggalkeun kitu wae,
Te aya kabar, tah oneng ngarti kanu jadi awewe
kumaha perasaanana!
Tejo : muhun, Tejo teh salah, tapi
cik atuh kasih Tejo kesempatan!
Oneng : yeuh Tejo, ari nu jadi awewe mah
kudu pasti. Bayangkeun Surti digantung
Ku Tejo 7 tahun lila na.
Tejo : heeuh sih neng, tapi kuduna si
Surti ge setia ka Tejo.
Oneng : tapi bukti na malah Oneng nu
satia ka Tejo!
Tejo : hah? Naon neng? (oneng
jempling)
(Musik
Menunggu)
Oneng jeung Tejo asik ngobrol duaan nostalgia babaturan ti keur
leutikna. Barang prak tidinya Surti aya datang ka warung rek meuli kopi terus
ninggali Tejo jeung Oneng keur akrab ngobrol paduduan.
(Musik
Sunda)
Surti : Oneng! Meser kopi! (Surti
tiis)
Oneng : eh Surti! (Oneng sabari kaget)
kopi naon?
Surti : Surti hoyong kopi pait! Pait!
Pait! Neng! Sabaraha neng!
Oneng : 12 5 heg lah di jual garing!
Surti : emang na ASIN!? Kadieu (bari
sinis langsung ninggalkeun warung)
Oneng : eleuh-eleuh, meni sinis kitu si
Surti.
Tejo : ah keun bae neng ayeuna mah.
Tejo geus teu ngareup deui ka Surti. Tejo
Sadar masih aya nu nyaah ka Tejo selain si
Surti!
Oneng : Saha Jo ?
Tejo : Oneng!
Oneng : eleuh Tejo bener? (oneng
malu-malu maung)
Tejo geus berpaling ti Surti ka Oneng anu jadi babaturanana ti keur
leutik. Anjeuna mulai sadar yen Oneng teh bogoh ka Tejo ti keur leutikna.
Tidinya Tejo geus mulai mopohokeun Surti jeung ngarelakeun Surti kawin jeung si
Brandon. Tejo ngarti yen cinta teh dinamis jeung amis pada waktunya.
SCENE
5
Di
Jalan Ci Pabeulit
(Musik
Sunda)
dina hiji waktu, Surti jeung Brandon keur jalan-jalan pasosore
edas, maraneh na keur mesra ngobrol ngarencanakeun pernikahanana, di jalan Ci
Pabeulit maranehna papanggih jeung Tejo sarta Oneng anu keur ngobrol paduduaan.
Tejo nyapa Surti jeung Brandon, tidinya Tejo nyarita ka Surti yen Tejo geus
ngarelakeun Surti ka Brandon.
Tejo : Eh neng Surti!
Surti : Aa Tejo!
Brandon : meni pas kieu nya! Sapasang-sapasang
siga sandal!
Surti : oh ayeuna mah Aa Tejo teh
jeung Oneng?
Tejo : Neng Surti ayeuna mah Aa sadar
yen Cinta teh Dinamis. Aa Tejo tos
Rela Surti nikah ka Brandon. Da gening Aa
Tejo karek ngeuh aya nu
Leuwih cinta ka Aa (sabari ninggal Oneng)
Surti : Nya syukur we atuh, neng Surti
ge ayeuna mah ngarti. Cinta teh kudu adil.
Cinta teh teu salilana kitu. Urang teh kudu
ninggali oge Cinta nu lain.
Lamun teu kitu cinta teh moal bisa move on.
Tejo : muhun leres neng!
Brandon : mumpung keur babarengan kieu! Urang
double date we ayeuna mah!
Oneng : naon ari double date teh?
Bradon : pacaran dua pasangan!
Surti : ih naon Aa mah pacaran! Eneng
teu suka ah!
Brandon : terus naon atuh neng? Neng alim
pacaran jeung aa?
Surti : neng mah alim pacaran pokokna
mah! Pimaksiateun Aa! (Brandon bingung)
Neng mah hoyong langsung nikah! (malu-malu
kucing)
Brandon : eleuh…. Hayu atuh hayu neng kitu mah
Aa sumanget!
Oneng : Kang Tejo hayu atuh urang ge
nyusul!
Tejo : Oneng oge hoyong? Eleuh-eleuh
hayu atuh hayu! Prikitiwwww
Penonton Tejo hayang kawinnnnnnnnn!!!!!
(Musik
Kawin)
Akhir carita Tejo jeung Surti nemukeun cintana masing-masing. Dua
pasang insan nu keur bahagia rek kawin babareungan.
TAMAT